Hey, Abdi DUDI RIDWAN - Rosul_2019

Abdi seja ngarsipkeun hanca tilawah

Tentang Aku

Abdi urang sunda, seja ngarsipkeun tilawah

Mugia tiasa.

Duka ketang, manawi tiasa rutin.

Dudi Ridwan Nu rek ngahanca

Nama Surat

SURAT NAON NU TIASA DIBACA

Sadaya surat kajabi Almasad (eta mah pangdangu wungkul)

Sadayana Juz (dijuz-juz)

Sadaya ayat (saayat-saayat)

Tiasa moal nya ngarutinkeunana? Ya Alloh...... duka atuh.
  • Buleud 100%
  • Buleud pisan 100%
  • Ke.... enya nyah buleud?
  • Sip... in syaAlloh.

Hanca kuring

KEWES PISAN

Cari Blog Ini

Halaman

no image

مَثَلُهُمۡ كَمَثَلِ الَّذِي اسۡتَوۡقَدَ نَارًا فَلَمَّا أَضَاءَتۡ مَا حَوۡلَهُ ذَهَبَ اللّٰهُ بِنُورِهِمۡ وَتَرَكَهُمۡ فِي ظُلُمَاتٍ لَّا يُبۡصِرُوۡنَ (17) 

صُمٌّ بُكۡمٌ عُمۡيٌ فَهُمۡ لَا يَرۡجِعُوۡنَ (18

أَوۡ كَصَيِّبٍ مِّنَ السَّمَآءِ فِيۡهِ ظُلُمَاتٌ وَرَعۡدٌ وَبَرۡقٌ يَجۡعَلُوۡنَ أَصَابِعَهُمۡ فِي آذَانِهِمۡ مِّنَ الصَّوَاعِقِ حَذَرَ الۡمَوۡتِ ۚ وَاللّٰهُ مُحِيۡطٌ بِالۡكَافِرِيۡنَ (19

يَكَادُ الۡبَرۡقُ يَخۡطَفُ أَبۡصَارَهُمۡ ۖ كُلَّمَا أَضَآءَ لَهُم مَّشَوۡا فِيۡهِ وَإِذَا أَظۡلَمَ عَلَيۡهِمۡ قَامُوۡا ۚ وَلَوۡ شَآءَ اللّٰهُ لَذَهَبَ بِسَمۡعِهِمۡ وَأَبۡصَارِهِمۡ ۚ إِنَّ اللّٰهَ عَلىٰ كُلِّ شَيۡءٍ قَدِيۡرٌ (20)

=======

TERJEMAH BAHASA INDONESIA
(https://ayatalquran.net/2014/11/surah-al-baqarah-terjemah-bahasa-indonesia/)

2:17 Perumpamaan mereka adalah seperti orang yang menyalakan api, maka setelah api itu menerangi sekelilingnya Allah hilangkan cahaya (yang menyinari) mereka, dan membiarkan mereka dalam kegelapan, tidak dapat melihat.


2:18 Mereka tuli, bisu dan buta, maka tidaklah mereka akan kembali (ke jalan yang benar),


2:19 atau seperti (orang-orang yang ditimpa) hujan lebat dari langit disertai gelap gulita, guruh dan kilat; mereka menyumbat telinganya dengan anak jarinya, karena (mendengar suara) petir, sebab takut akan mati. Dan Allah meliputi orang-orang yang kafir.


2:20 Hampir-hampir kilat itu menyambar penglihatan mereka. Setiap kali kilat itu menyinari mereka, mereka berjalan di bawah sinar itu, dan bila gelap menimpa mereka, mereka berhenti. Jikalau Allah menghendaki, niscaya Dia melenyapkan pendengaran dan penglihatan mereka. Sesungguhnya Allah berkuasa atas segala sesuatu.

++++++++++++++++++++++++++++++++

TERJEMAH BASA SUNDA - (MDR)

[17] Pangumpamaan maranehna teh saumpama jalma anu ngahurungkeun seuneu, maka dina mangsa nyaangan itu seuneu ka sabudeureunnana, maka ngaleungitkeun Alloh kana cahayana jeung ngantep maranehna dina kaayaan poek, teu bisa nararempo.

[18] Maranehna torek, pireu, lolong, maka maranehna teu bisa balik (kana jalan nu bieu).

[19] atawana saperti (jalma anu ditimpa) hujan ti langit nu dibarengan ku poek, guludug jeung gelap/kilat; maranehna ngajadikeun curuk-curukna dina ceuli (nutupan) kusabab (ngadenge) petir, tina sabab sieun maot. Jeung Alloh ngaliput jalma-jalam nu kalafir.

[20] ampir-ampir itu gelap nyamber kana paninggal maranehna. saban-saban gelap nyaangan ka maranehna, maranehna laleumpang; jeung dimana poek, maranehna caricing. -Seug- lamun tea mah Alloh karep, maka ngaleungitkeun Alloh kana pangdangu sareng paninggal maranehna. Saestuna Alloh kawasa kana sagala rupa perkara.

######################

######################

MEUNANG RASA NU BEDA

شاء = KAREP

اراد = HAYANG/HOYONG () Piengkeun upami menak lafadz teh kitu. 

[duka engkin upami ngahanca tuluy manggih lafadzna, sok asa datang rasa basa anu benten].
Sadaya-sadaya Gusti Nu Agung, Salira Ku Anjeun Pangeran Abdi.
Matak ah moah ngaganti kitab.... Alquran teh, nya Alfurqon tea.
da gening neleman basa, datang rasa.

Aya deui.
Bentenkeun .......
        satemenna
        saestuna
        saenyana
[duka atuh..... kumaha engkin bae.]
لاحول ولا قوة الا بالله العلي العظيم
no image

إِنَّ الَّذِيۡنَ كَفَرُوۡا سَوَآءٌ عَلَيۡهِمۡ أَأَنۡذَرۡتَهُمۡ أَمۡ لَمۡ تُنۡذِرۡهُمۡ لَا يُؤۡمِنُوۡنَ (6

خَتَمَ اللّٰهُ عَلىٰ قُلُوبِهِمۡ وَعَلَىٰ سَمۡعِهِمۡ ۖ وَعَلَىٰ أَبۡصَارِهِمۡ غِشَاوَةٌ ۖ وَلَهُمۡ عَذَابٌ عَظِيۡمٌ (7) 

وَمِنَ النَّاسِ مَن يَقُوۡلُ آمَنَّا بِاللّٰهِ وَبِالۡيَوۡمِ الۡآخِرِ وَمَا هُمۡ بِمُؤۡمِنِيۡنَ (8) 

يُخَادِعُوۡنَ اللّٰهَ وَالَّذِيۡنَ آمَنُوۡا وَمَا يَخۡدَعُوۡنَ إِلَّا أَنفُسَهُمۡ وَمَا يَشۡعُرُوۡنَ (9) 

فِي قُلُوبِهِمۡ مَّرَضٌ فَزَادَهُمُ اللّٰهُ مَرَضًا ۖ وَلَهُمۡ عَذَابٌ أَلِيۡمٌ بِمَا كَانُوۡا يَكۡذِبُوۡنَ (10) 

وَإِذَا قِيۡلَ لَهُمۡ لَا تُفۡسِدُوۡا فِي الۡأَرۡضِ قَالُوۡا إِنَّمَا نَحۡنُ مُصۡلِحُوۡنَ (11) 

أَلَا إِنَّهُمۡ هُمُ الۡمُفۡسِدُوۡنَ وَلَٰكِنۡ لَّا يَشۡعُرُوۡنَ (12) 

وَإِذَا قِيۡلَ لَهُمۡ آمِنُوۡا كَمَا آمَنَ النَّاسُ قَالُوۡا أَنُؤۡمِنُ كَمَا آمَنَ السُّفَهَآءُ ۗ أَلَا إِنَّهُمۡ هُمُ السُّفَهَآءُ وَلَٰكِنۡ لَّا يَعۡلَمُوۡنَ (13) 

وَإِذَا لَقُوۡا الَّذِيۡنَ آمَنُوۡا قَالُوۡا آمَنَّا وَإِذَا خَلَوۡا إِلىٰ شَيَاطِيۡنِهِمۡ قَالُوۡا إِنَّا مَعَكُمۡ إِنَّمَا نَحۡنُ مُسۡتَهۡزِئُوۡنَ (14) 

اللّٰهُ يَسۡتَهۡزِئُ بِهِمۡ وَيَمُدُّهُمۡ فِي طُغۡيَانِهِمۡ يَعۡمَهُوۡنَ (15) 

أُولَئِكَ الَّذِيۡنَ اشۡتَرَوُا الضَّلَالَةَ بِالۡهُدَىٰ فَمَا رَبِحَتۡ تِّجَارَتُهُمۡ وَمَا كَانُوۡا مُهۡتَدِيۡنَ (16) 

=======
[6] Saestuna jalma-jalma anu kalufur, eta mah sarua bae, naha anjeun ngelingan atanapi henteu, maranehna moal iman, moal.
[7] Geus ngacap Alloh kana hatena jeung kana pangdanguna, jeung dina paninggalna aya tutup-tutup; jeung pikeun maranehna adzab anu badag.
[8] Jeung ti antara manusa aya nu ngomong, "Kaula iman ka Alloh, kaula iman kana poe akhir." Sok padahal maranehna teu ariman. 
[9] Maranehna nipu Alloh jeung nipu anu ariman. Sok padahal diri maranehna sorangan nu katipu, ngan bae maranehna teu saladar.
[10] Dina hate-hatena aya rereged, ditambah-tambah ku Alloh reregedna. Jeung pikeun maranehna adzab anu badag, da bongan ngabarohong.
[11] Jeung dimana diomongkeun ka maranehna, "montong ngarusak bumi, aranjeun kabeh!", maranehna ngajawab: "kami mah, da ngabereskeun"
[12] Eling-eling (sidik) maranehna teh ngararuksak ngan bae maranehna teu saladar, teu ngarasa. 
[13] Jeung dimana diomongkeun ka maranehna, "ariman aranjeun sakumaha manusa-manusa ariman!", maranehna ngajawab: "naha kami kudu iman sapertikeun imanna anu sarapeh, banget bodo?"; Eling-eling (sidik) maranehna anu sarapeh banget bodo teh, ngan bae teu arapaleun.
[14] Dimana maranehna papanggih reujeung nu ariman, maranehna ngarucap: "kami iman"; Jeung lamun maranehna tos malengos/liwat nepi ka setan-setanna (nu sok naritah kana kaawonan), maranehna ngarucap: "kami mah sarta anjeun, kami mah saukur ngageuhgeuykeun."
[15] Alloh (ngabales) ngageuhgeuykeun maranehna, jeung ngebatkeun Alloh ka maranehna dina katutup -pikiran jeung perasaan- nepika teuleum.
[16] Nu kararitu teh jalma-jalma nu meuli kasasaran ku pituduh, maka moal aruntung jujualan maranehna jeung deuih moal kagolong anu nampa hidayah.

#####################################################################################
no image
SURAT 2
AL-BAQOROH

الم (1(

ذٰلِكَ الۡكِتَابُ لَا رَيۡبَ ۛ فِيۡهِ ۛ هُدًى لِّلۡمُتَّقِيۡنَ (2) 

الَّذِيۡنَ يُؤۡمِنُوۡنَ بِالۡغَيۡبِ وَيُقِيمُوۡنَ الصَّلَاةَ وَمِمَّا رَزَقۡنَاهُمۡ يُنفِقُوۡنَ (3) 

وَالَّذِينَ يُؤۡمِنُوۡنَ بِمَا أُنزِلَ إِلَيۡكَ وَمَا أُنزِلَ مِن قَبۡلِكَ وَبِالۡآخِرَةِ هُمۡ يُوقِنُوۡنَ (4) 

أُولَٓئِكَ عَلىٰ هُدًى مِّن رَّبِّهِمۡ ۖ وَأُولَٓئِكَ هُمُ الۡمُفۡلِحُوۡنَ (5)


=======
[1] Alif, Lam, Mim.
[2] Itu kitab teh anu teu aya kamangmangan dina eusina, itu kitab teh pituduh pikeun jalma-jalma anu taraqwaa.
[3] Anu ariman kana alam ghaib, jeung ngadegkeun sholat, jeng kana naon perkara nu dirizkikeun ka maranehna, maranehna ngainfakkeun.
[4] Reujeung anu iman kana perkara nu dilungsurkeun ka anjeun, jeung perkara anu dilungsurkeun kanu samemeh anjeun, jeung deuih kana akherat maranehna yarakin.
[5] Nu karitu netepan kana hidayah ti pangerannana Alloh SWT; jeung nu karitu teh maranehna kagolong anu baragja sarugema.


#####################################################################################
#####################################################################################

taraqwa => t-ar-aqwa => taqwa

no image
SURAT 1
ALFATIHAH

بِسۡمِ اللهِ الرَّحۡمٰنِ الرَّحِيۡمِ (1) 

الۡحَمۡدُ لِلّٰهِ رَبِّ الۡعَالَمِيۡنَ (2(

الرَّحۡمٰنِ الرَّحِيۡمِ (3) 

مَالِكِ يَوۡمِ الدِّيۡنِ (4) 

إِيَّاكَ نَعۡبُدُ وَإِيَّاكَ نَسۡتَعِيۡنُ (5) 

اهۡدِنَا الصِّرَاطَ الۡمُسۡتَقِيۡمَ (6) 

صِرَاطَ الَّذِيۡنَ أَنۡعَمۡتَ عَلَيۡهِمۡ غَيۡرِ الۡمَغۡضُوۡبِ عَلَيۡهِمۡ وَلَا الضَّآلِّيۡنَ  (7)

====
[1] Kalawan nyebat jenengan Alloh anu sifat Rohman sifat Rohim.;
[2] Sagala puji kagungan Alloh nu ngurus sadaya 'alam;
[3] Nu sifat Rohman nu sifat Rohim;
[4] Nu ngarajaan dina poe agama;
[5] Mung ka Gusti, kami sadaya ibadah; sareng mung ka Gusti, kami sadaya nyuhunkeun tulung;
[6] Tuduhkeun kami kana jalan anu lempeng;
[7] Jalan anu Salira Ku Anjeun parantos ngajantenkeun ni'mat ka aranjeuna, salian anu dipibendu oge salian anu salasar

#####################################################################################
#####################################################################################

+++
Sifat Rohman = nu maparin ni'mat dunya sareng akheratna
Sifat Rohim = nu maparin ni'mat di akherat wungkul

Ku sifat Rohman, saha bae nu hirup di dunya, rek percanten ka Mantenna, rek henteu pencanten, ku Mantenna dirizkian, dipaparinan.

Ku sifat Rohim, wayahna, nu teu percanten moal dipaparinan ni'mat; nu percanten dipaparinan, boa ajru ghoeru mamnun. ( tos teu kedah dipasihan, nyandak bae ku nyalira).

+++
'Alam = makhluk salian Alloh.
Sagala rupa nu aya di alam dunya, di langit sareng di bumina, eta makhluk Alloh.
Manusa, didamel tina taneuh.
Malaikat, didamel tina cahaya.
Syetan, didamel tina seuneu.
Iblis, ----
Jin, ruh jalma nu tos parupus (nu diwidian ku Alloh hirup, upami hente musawamah -ngajirim-)

Mengenai Saya

Foto saya
Duridwancijagong Guruna Tafkar

SURAT 2 | 17-20

مَثَلُهُمۡ كَمَثَلِ الَّذِي اسۡتَوۡقَدَ نَارًا فَلَمَّا أَضَاءَتۡ مَا حَوۡلَهُ ذَهَبَ اللّٰهُ بِنُورِهِمۡ وَتَرَكَهُمۡ فِي ظُلُمَاتٍ لَّا يُ...

Kontak saya.

Dalam satu sentuhan